Kata Kata Cinta Gombal Pepeling Kang Doel Sumbang Bahasa Sunda

Advertisement
Pami teu lepat mah kang Doel Sumbang nami aslina nyaeta  Abdul Wahyu Afandi namung di alam jagat raya mah di sok di sebatan Doel sumbang,teu sakeudik karya laguna anu di kenal ku balarea malahan lagu laguna tangtos pas pisan upami di jantenkeun kange ngarayu istri anu di pikahoyong saalit gombal namung tetep romantis atanapi pinuh kanyaah dina nga ungkapkeuna.


Mangga urang titenan laguna anu pas pisan kange ngarayu sareng anu tiasa janteun pepeling kange urang samudayana wirehna mugia wae janten panyumanget kahirupan urang samudayana :

Korejat
Nembe oge dug mastaka na anggel
Korejat deui ceungkat ku hariwang
Nembe oge reup soca lelenyapan
Korejat deui ceungkat ku kamelang

Dina emutan ukur palangsiang
Dina emutan boa-boa
Kamelang kuhariwang ku anjeunna
Palalaur
Katalimeng ku nu lian

Teu walakaya teu daya upaya
Teu mendak jalan duh kedah kumaha
Ukur hariwang mung ukur kamelang
Palangsiang jeung boa-boa
Mung ka anjeunna mung ka anjeunnya
Hate manteng
Salawasna abdi manteng

Mang Darman
Hmm.. mang darman tong kaget
Hirup mah heuheuy jeung deudeuh
Mun keur seuri cape seuri
Mun keur ceurik cape ceurik

Tong kaget mang darman
Bangsa urang mah rea nu aneh
Ka handap ngagalaksak.. Ka luhur leletak

Tong pipilueun urang mah mang darman
Bae da dodojamah , biasa
Ceuk kolot-kolot urang tea mah
Hirup pinuh dodoja teh  lir ibarat leumpang dinu nanjak
Engke mun geus ka puncak, sok manggih pamandangan endah
Sugan weh atuh mang darman

 Sing sabar mang darman
Tong jadi dendam…
Tong jadi kiruh hate… bisi hirup beuki hese
Tong jadi kiruh hate… bisi hirup beuki hese

Ai
Arek mungkir euweuh alesan keur mungkir
Hese bohong rumasa teu bisa bohong
Ayeuna sisiga nu kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan
Lieur ku Ai
Kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan Gelo ku .....

Batu Hiu
sa niat sa jangji sahidup samati
moal khianat
insya Allah moal pegat
dina ruang hatenu aya ukur salira
dina ruang hate pasti ngan aya ukur salira

Sisi Laut Pangandaran
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan

Tina ati pada pada kedal jangji
Urang silih asuh silih asih silih jadi
Deg ngadegkeun arti asih saenyana
Deg ngadegkeun arti deudeuh saenyana
Ulah dugika rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah

Advertisement